https://www.facebook.com/abah.asep.nurjaman
Assalamu'alaikum warohmatulloho wabarokatuh

Bismillahirrohmanirrohiim... Alhamdulillah wassolatu wassalamu 'ala rosulillah wa'ala 'alihi wasohbihi wa baarik 'alaih..
Saba'da manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Suci, oge solawat ka kangjeng nabi, simkuring ngaraos bingah kacida tiasa ngadamel ieu blog sok sanaos masih keneh tebih tina kasampurnaan.
Maksad nu utami simkuring ngadamel ieu blog teh teu aya sanes iwal ti seja ibadah ka Alloh SWT ngalangkungan ngabagi elmu atanapi informasi-informasi anu simkuring uninga (saupami ngabagi duit mah insyallah ngke pami simkuring pami tos beunghar.. numawi pangdo'akeun we ku sadayana.  he..he..) khususna informasi anu aya patula patalina sareng sakola/madrasah, umumna mah informasi naon bae nu penting tiasa nyandak manfaat.

Kalih ti eta, saleresna simkuring dina akhir sasih maret 2014 alhamdulillah parantos ngadamel blog nu namina Aplikasi Perbendaharaan Negara :

Blog eta sakumaha namina didamel kanggo nyimpen link kana aplikasi oge informasi anu sok diantos-antos ku para bendahara APBN, kalebetkeun para Operatorna. (hapunten nu sanes bendahara APBN teu kaasup umat nabi Muhammad.. eh maksadna umat blog eta. he..)

Panginten pami Silibagers (anu fans ka na blog silibagi disebatna teh Silibagers.  ceuk si Abah bari heuay. he..heh..) aya diantawisna nu ngajabat janten Bendahara oge Operator APBN, tiasa nganggo link eta kanggo nyedot aplikasi-aplikasi perbendaharaan anu up to date. 
Sakitu panginten mung sakadar pangjajap, hapunten anu kasuhun sateu acana tina sanes kanten kakirangan oge kalepatan. Mudah-mudahan sakali deui blog ieu masihan manfaat ka urang sadayana..

Walloohul muwafiq ila akwamittoriq.. Wassalamualaikum Wr. Wb.
Cag..

Leave a Reply

Hatur Nuhun kana Komentar Saena

Subscribe to Posts | Subscribe to Comments

Welcome to My Blog

- Copyright © Silih Bagi -Robotic Notes- Powered by Blogger - Designed by Johanes Djogan -